Minggu, 05 Oktober 2014

LATIHAN SOAL UTS SEMESTER GANJIL X 2014



SOAL LATIHAN UTS GANJIL
BASA SUNDA KELAS X
a.     “ Mung sakitu anu …. , bilih aya basa anu kirang …., pondok nyogok panjang …., langkung saur bahé …., bobo sapanon carang …..”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah dina bagian biantara di luhur nya éta ….
b.      “tutus langkung képang …., kirang dingding ….., mugia ageung cukup …., jembar hampura anu ….”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
c.       “Ngadegna sim kuring di ieu tempat Insya Alloh seja medar perkawis Bahaya Narkoba kanggo Kaom Rumaja
d.     Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén/tugas sok disebut ….
e.     Bapa kepala sakola nuju ngadugikeun biantara sambutan dina rapat kenaikan kelas. Kecap sambutan sarua hartina jeung ….
f.       Biografi téh asalna tina basa Yunani ….. nu hartina hirup, jeung …. Nu hartina tulis.
g.     Dina nulis biografi urang butuh sababaraha bahan utama saperti ieu di handap, iwal ….
h.     Sedengkeun ieu di handap nu kaasup kana warna-warna ( macam-macam) biografi, iwal ….
i.        “ Wilujeng … pa, hapunten abdi …. kasiangan margi di jalan macét.”
j.        Pa Hari     = “ Junéd, kunaon kamari teu sakola?”
Junéd         = “ duh, punten pan kamari téh
abdi …. teras dipariksa ka dokter
k.     Bu Hodijah = “ Nonih, kunaon diajar téh kalah ngadon saré?”
Nonih           = “ teu kiat bu ….. jangar , wengi
ngaréngsékeun PR dugi ka tabuh dua belas”
Bu Hodijah   = “ ngerjakeun PR atawa Pésbukan?”
Nonih           = “ sakantenan wé bu,         ngaréngsékeun PR sareng onlén”
l.       Basa lemes/hormatna létah keur ka batur nya éta ….
m.  Nyebutkeun gado keur ka batur/hormat ka saluhureun nya éta ….
n.      “ Ibu Reni teu tiasaeun ngalieuk kumargi …. nembé dioperasi. Abdi mah nyeri beuheung téh upami lepat posisi bantal waktos mondok”
o.     Basa Sundana punggung téh tonggong, sedengkeun basa lemesna tina tonggong nya éta ….
p.     Ramo abdi mah baruntet tapi upami …. Ibu mah laléncop.
q.     Bujur abdi kompéd, upami …. Ibu mah bahénol.
r.       “Pa, punten abdi nyuhunkeun …. Badé kapengker”
s.      Urang kudu sayaga jiwa jeung raga pikeun ngajaga ieu lembur. Saha nu nyaho aya maung ngamuk gajah meta.
Harti tina babasan paribasa di luhur nya éta ….
t.       “Saha nu teu apal ka Bah Jarot, puguh gé jalma nu geus loba pangalamanna.
Babasan atawa paribasa naon nu pantes pikeun ngagambarkeun kalimah di luhur nya éta ….
u.      “Hirup téh kudu sauyunan, babarengan, silih tulungan, silih jaga jeung silih pikacinta”
Babasan atawa paribasa nu pantes keur ngagambarkeun kalimah di luhur nya éta ….
v.      “Cép Junéd meni sumanget pisan jadi panitia MOPD da puguh gé aya nu dianjing cai.”
Harti babasan di luhur nya éta …
w.   Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut ….
x.     Dumasar kana tujuanna biantara téh aya tilurupa. nu kahiji mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu biatara, Nu ka dua méré informasi atawa warta, sedengkeun nu katilu nya éta …
.
y.     Saméméh prak-prakan biantara aya sawatara/sababaraha hal nu kudu dipikanyaho. Diantara nya éta mikanyaho …. acara. Maksudna ngarah sagala nu dicaritakeun ku urang téh aya nyambung atawa aya hubunganana jeung acara nu keur dilaksanakeun. Sedengkeun mikanyaho …. nu disadiakeun ku panitia mah maksudna ngarah eusi biantara nu ku urang geus ditataharkeun bisa katepikeun kabéh ka nu ngadéngékeun.
z.      Dina wanda/jenis biantara aya nu disebut Mémoritér, maksaudna ….
aa. Sedengkeun biantara anu ngagunakeun téknik manuskrip nya éta ….
bb.            Biantara nu dina prak-prakanna ngagunakeun gurat-gurat badag atawa garis besar, disebut biantara ….
cc.  Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal
dd.            Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti ….
ee.             “ Puji sinareng sukur ….. ka Alloh nu maha gofur, ….. nu utami ka Allo Nu Maha …..”
ff.    “ Alhamdulillah urang sadaya tiasa …. mungpulung, …… merbayaksa dina ieu acara.”
gg.  “ Solawat miwah salam mugia salamina …. Ngagolontor ka Jungjuna urang sadayana nya éta Nabi Muhammad SAW”
hh.             “Kersana bapa kepala sakola anu ku sim kuring ….”
ii.      “ Ogé teu hilap ka sadaya réréncangan sinareng adi kelas anu ku sim kuring dipikadeudeuh tur …..”


Tidak ada komentar:

Posting Komentar